Anak Adam

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
Umur anjeun di dunuia teh moal lila
Anak Adam ... umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting dicontangan

Anak Adam anjeun paeh teh nyorangan

Cul anak cul salaki cul babandaan
Anak Adam anjeun paeh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeung boeh anu dibawa

Anak Adam pasaran teh lolongseran
Saban poe saban peuting gegeroan

Anak Adam anjeun kaluar ti imah
Digarotong tina pasaran tugenah

Aduh Bapak Aduh Ema abdi keueung
Rup ku padung rap ku lemah abdi sieun

Anak Adam di kubur teh poek pisan
Nu nyaangan di kubur teh maca Qur'an

Anak Adam di kubur teh ngeun sorangan
Pibaturen di kubur teh amal soleh